Si Duyeh ngan saukur netep seket ka langit-langit rohangan di tempat lomba, basa diumumkeun hasil lomba pustakawan, manehna teu asup jawara harapan-harapan acan, pikiranna ngalayang kamana-mana. Euh gening kieu kanyataannana, gerentes hatena “lain teu percaya ka takdir ilahi, ngan asa teu kaharti ku akal jeng hate”. Pok si duyeh, emang sih basa mimiti rek milu lomba ge jugjugan na lain hayang menang atawa jadi jawara na lomba, namung saukur hayang apal wungkul kamampuan nu tos dilakonan gawe salami 20 taun di Pabukon Paguron Luhur. Asa teu aya tapakan gawe 20 tahun teu kapenteun ku juri lomba. Bener ceuk babaturan kuring basa ngabejakeun yen lomba na bakal kieu, bakal kieu, eta teh kanyataan pisan, nu ngabejakeun lain jalmi bantrakan-bantrakaneun di widang Pabukon. Emang si Duyeh asup nominasi 7 patandang unggul, makana si Duyeh gaduh harapan sugan weh asup jawara harapan, da asupan di tim Juri nuju sumping ka kantor ge, saurna hasil wawancara sareng pimpinan jeng rencang gawe kuring perkawis kompetensi kuring, saurna sae pisan. Si Duyeh ge tadina mah teu mikahareup asup jawara lomba, namung lantaran aya beja ti Juri kitu, jadi aya dina hate leutik “sugan weh asup jawara lomba, ke bisa meli domba jang di lembur”, eh malah lain meli domba malah jadi asa wirang ka babaturan sakantor, da ceuk babaturan sakantor pami ningal kamampuan jeng hasil wawancara mah bakal asup jawara. Ah Dasar tah si Mamah Lemon eh Mamah loren bajakan alias babaturan kuring jiga nu enya weh ngaramal teh. He heuy de deuh ken weh ah, ke sanes waktos sugan weh tos aya perobihan tina paradigma pustakawan nu anyar tur modern ceunah.
4 Komentar
Komentar RSS Lacak Balik URI Pengenal

Sumuhun Kang, Pustakawan mah kedah janten “pemberontak” (ka jalan anu sae), ningali kanyataan siga kieu (anu jauh tina harapan). Bebaskeun tina intrik “kepentingan”. Katingalna mah organisasi pustakawan oge kirang aya perhatosan ka pustakawan anu progresif teh. Keun we pami teu acan aya “pengakuan” ti luhur mah, nu penting urang tetep terus berkarya, insya allah aya jalan kanggo urang meunangkeun tempat anu langkung nga-harga-an profesi pustakawan. Hayu ah…
Hatur nuhun kang barus, yang blogspot nya ok punya, sip-sip he he he
aya bedana nya antara jugjugan jeung kanyataan teh.
muhun leres pissssan,