Si Duyeh ngan saukur netep seket ka langit-langit rohangan di tempat lomba, basa diumumkeun hasil lomba pustakawan, manehna teu asup jawara harapan-harapan acan, pikiranna ngalayang kamana-mana. Euh gening kieu kanyataannana, gerentes hatena “lain teu percaya ka takdir ilahi, ngan asa teu kaharti ku akal jeng hate”. Pok si duyeh, emang sih basa mimiti rek milu [...]
